Page 74 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 74

Geura titénan contona:


                           Anténeu piring nu badag

                           Sing garetol ka sakola  (parabola)


                  Anténeu  piring  nu  badag.  Ieu  mangrupa  cangkang.
            Kira-kira  naon  disebutna  anténeu  anu  wangunna  jiga
            piring badag. Geus pasti disebutna téh parabola. Kecap
            parabola  dibalibirkeun  dina  kecap  sakola  dina  jajaran
            kadua. Jadi kecap sakola murwakanti jeung parabola.

                  Titénan conto kadua:


                           Mesin ketik maké layar

                           Dialajar ambéh pinter  (komputer)


                  Jaman ayeuna naon deui atuh mesin ketik anu maké
            layar lamun lain komputer. Da mesin ketik biasa mah teu
            maké  layar.  Jadi  eusina  geus  katebak,  pasti  komputer.
            Lamun  maca  jajaran  kadua  beuki  yakin  waé  eusina
            komputer lantaran aya kecap pinter anu murwakanti jeung
            komputer. Titénan conto katilu:

                           Abdi téh kapiring leutik

                           Kaisinan ku gamparan  (pisin)


                  Dina cangkang disebutkeun piring leutik. Ari piring
            leutik  téh  disebutna  pisin.  Jawaban  pisin  nyamuni  dina
            kecap ka-isin-an.  Isin murwakanti jeung pisin.

                    Sabada niténan conto di luhur, bisa dicindekkeun
            wawangsalan téh mibanda ciri:
            a.    Sapada diwangun ku dua jajar (padalisan)
            b.    Jajaran  kahiji  mangrupa  cangkang,  sedeng  jajaran
                  kadua mangrupa eusi




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    63
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   69   70   71   72   73   74   75   76   77   78   79