Page 75 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 75

c.   Jumlah engang dina unggal jajar umumna dalapan
                                engang
                           d.   Aya  wangsal  anu  nyambungkeun  cangkang  jeung
                                eusi.


                           4.  Eusi Sisindiran

                                Mun  niténan  sisindiran  dina  paguneman  di  luhur,
                           eusina téh bisa digolongkeun jadi:

                           a.   Papatah,  sisindiran  anu  eusina  mapatahan  nitah
                                bener atawa nyaram lampah salah.


                                     Contona:   Ulah loba dahar peuteuy
                                                ngala awi ngan sabuku

                                                barudak ulah hareureuy
                                                sok geura baruka buku



                                                Kudu getol neukteuk kuku
                                                ngarah pinter lamun dangdan

                                                kudu getol maca buku
                                                ngarah pinter jiga Dadan.”



                           b.   Silih  asih,  sisindiran  nu  eusina  ngagambarkeun
                                karesep atawa kanyaah ka papada jalma.


                                     Contona :   Sanaos ka Haur geulis

                                                Andi mah resep ka Cina
                                                Sanaos Neng Nunur Geulis
                                                Andi mah resep ka Rina



                           c.   Heureuy, banyol atawa gogonjakan nyaéta sisindiran
                                anu eusina pikaseurieun atawa matak kapiasem.




            64                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   70   71   72   73   74   75   76   77   78   79   80