Page 21 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 21

10.  Panumbu  catur  téh  pancénna  purah  ngatur
                  lumangsungna sawala (diskusi). Cing pék tuduhkeun
                  lebah  mana  pancén  panumbu  catur  dina  téks  di
                  luhur!



            B.    Niténan Téks

                  Sabada dititénan, conto téks omongan panata acara
            di  luhur  téh  aya  sasaruaanana  jeung  naskah  biantara,
            nyaéta  ayana  bagian  bubuka  jeung  panutup  anu
            kalimah-kalimahna ilahar sok digunakeun dina biantara.
            Upamana baé nepikeun puji sukur sarta nganuhunkeun
            ka  jalma-jalma  anu  ngaluuhan  acara.  Panata  acara  téh
            pancénna purah ngatur lumangsungna hiji acara sangkan
            ngaguluyur kalawan tartib. Manéhna anu méré waktu sarta
            ngahaturanan  saha  baé  anu  cacarita  atawa  midangkeun
            pintonan. Ku sabab kitu, nyaritana teu kudu papanjangan.
            Cukup ku ngahaturanan, nganuhunkeun, sarta nepikeun
            koméntar saperluna. Titénan ieu conto téks omongan anu
            di luhur tadi!

            1.    Ngahaturanan:
                  Salajengna  sim  kuring  ngahaturanan  Sadérék  Syifa
                  Rahmawati  kanggo  maoskeun  ayat  suci  Al  Qur’an.
                  Sumangga dihaturanan!
            2.    Nganuhunkeun:
                  Hatur  séwu  nuhun  ka  Pupuhu  Panitia,  kersana  Bapa
                  Drs. Galih Sundana anu parantos ngadugikeun biantara
                  laporanana.
            3.    Nepikeun koméntar:
                  Sabilulungan,  sipat  silihrojong.  Sipat  urang  Sunda
                  nu  kalintang  éndahna.  Pamugi  kawih  anu  nembé
                  dihaharingkeun sing nyerep kana angen, sing nitih kana
                  ati sanubari. Dina enggoning diajar urang salamina tiasa
                  silihrojong,  silihasih  ku  pangarti,  silihasah  ku  kabisa,
                  silihasuh ku kaweruh.



                                                                                       11
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   16   17   18   19   20   21   22   23   24   25   26