Page 30 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 30

Awéwé      :  Hatur  sewu  nuhun  ka  Bapa….  anu  parantos  ngadugikeun
                       biantara laporanana. Salajengna sumangga urang sami-sami
                       ngadangukeun  bian-tara  pangbagea  ti  Bapa  Ketua  Komite
                       SMPN ... Ka kersana Bapa ... sumangga dihaturanan!
                       ……………….……….
          Lalaki     :  Hatur séwu nuhun ka kersana Bapa….anu parantos ngadu-
                       gikeun  biantarana.  Hadirin,  supados  suasana  langkung
                       seger, sim kuring badé ngahaturanan para siswa artis-artis
                       idol SMPN….. anu ngarimpen hoyong tiasa lebet ka Studio
                       Rékaman (hé hé hé…).  Aranjeunna badé ngagalindengkeun
                       lalaguan Islami. Sumangga urang keprok!
                       ……………….……….
          Awéwé      :  Wahh…luar biasa. Pintonan nu matak reueus!
                       Salajengna sumangga urang nincak kana acara poko, nyaeta
                       tausiah, pedaran hikmah silaturahmi, anu badé didugikeun
                       ku kersana Bapa Ustad….  Sumangga dihaturanan!
                       ……………….……….
          Lalaki     :  Hatur sewu nuhun ka Bapa Ustad…. Pedaran anjeunna nembé
                       éstuning leubeut ku rupi-rupi hikmah. Mugi sing janten bahan
                       lenyepaneun urang  sadaya,  tur  tiasa  ngahudang  sumanget
                       silaturahmi.
          Awéwé      :  Salajengna sumangga urang sami-sami dangukeun biantara
                       Pangbagéa ti Bapa Kapala Sakola. Sumangga ka pangersana
                       Bapa…. dihaturanan.
                       ……………….……….
          Lalaki     :  Hatur  séwu  nuhun  ka  Bapa  Kapala  Sakola  anu  parantos
                       ngadugikeun  biantarana.  Bapa  miwah  Ibu,  acara  urang
                       lajengkeun kana pagelaran drama.
         Awéwé       :  Ieu pagelaran téh dipintonkeun ku para siswa SMPN…  anu
                       ageung karesepna kana Seni Sastra & Téater. Kantenan baé
                       ieu téh hiji kareueus kanggo urang sadaya. Hadirin, wilujeng
                       nyakséni!
                       ……………….……….
         Lalaki      :  Hatur  nuhun  ka  Sanggar  Sastra  SMPN…  anu  parantos
                       ngébréhkeun  karancagéanana    anu  kalintang  antebna.
                       Pa-mugi  ieu  sanggar  téh  tiasa  teras  makalangan  dugi  ka
                       janten sanggar anu kasohor di Jawa Barat! Amin!


            20                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       21

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   25   26   27   28   29   30   31   32   33   34   35