Page 26 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 26

Salajengna,  sumangga  urang  sami-sami  ngabandungan  hariring
          kawih “Karatagan Pahlawan” anu badé dipintonkeun ku Rampak Sekar
          ibu-ibu PKK RW 01. Sumangga dihaturanan!
               …………..

               Matak  reueus  tur  ajrih  ka  para  pahlawan.  Aranjeunna  parantos
          babakti  ka  lemahcai,  iklas  rido  nandonkeun  jiwa  sareng  raga  kanggo
          kamerdékaan  ieu  nagri.  Pamugi  kawih  anu  nembé  dihaharingkeun
          sing janten pieunteungeun kanggo urang sadaya. Teras bajoang kanggo
          kamaslahatan balaréa.

               Bapa miwah Ibu, hormateun sim kuring!

               Acara  salajengna  nyaéta  biantara  pangbagéa.  Biantara  anu  kahiji
          badé  didugikeun  ku  Bapa  Usép  Kusnandar,  Ketua  RW  01.  Sumangga
          kersana Bapa Usép Kusnandar dihaturanan!
               …………..

               Hatur nuhun ka Bapa RW 01 anu parantos ngadugikeun biantara
          pangbagéana.

               Salajengna,  biantara  pangbagéa  anu  kadua  badé  didugikeun  ku
          Bapa  Éman  Sulaéman  salaku  wawakil  ti  tokoh  masarakat.  Sumangga
          dihaturanan.
               Hatur nuhun  ka  Bapa Éman  Sulaéman.  Pamugi rupining  harepan
          sareng  piwejangna  sing  janten  bahan  cecepengan  urang  enggoning
          ngahirupkeun kagiatan para rumaja di lingkungan RW 01.

               Hadirin,  urang  nincak  kana  acara  anu  kalintang  diantos-antosna,
          nyaéta acara hiburan anu badé mintonkeun karancagéan seni nu aya di
          lingkungan RW 01. Urang bakal ningali pintonan tari kréasi, karinding,
          penca silat, jaipongan, sareng pagelaran drama perjuangan.

               Mangga, pintonan anu kahiji kasanggakeun Tari Kréasi ti Néng Santi
          sapakaranca. Urang bagéakeun ku keprok!
               …………..

               Aduuuh…  mani  kayungyun  nya!  Keur  gareulis  téh  mani  palinter
          tiasa nari. Hatur nuhun Néng Santi sapakaranca. Urang du’akeun, mugi
          sing jaranten penari anu kasohor dina mangsa nu bakal datang.

            16                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       17

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   21   22   23   24   25   26   27   28   29   30   31