Page 29 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 29

Lalaki      :  Hadirin hormateun sim kuring!
                          Éstu  teu  karaos  bagilirna  waktos.  Asa  cikeneh  pisan  urang
                          sami-sami  ngalakonan  ibadah  saum,  nu  dipungkas  ku  Idul
                          Fitri. Insya Alloh urang sadaya lir gubrag deui ka alam dunya,
                          lahir dina fitrah kasucian. Teu aya deui anu diseja, iwal ti urang
                          hoyong nyampurnakeun éta kasucian, ku cara silih hapunten,
                          silih lubarkeun dosa sareng kalepatan. Jalaran tangtos, saban
                          waktos  urang  pagiling  gisik,  aya  lisan  sareng  perbuatan,  nu
                          dihaja sareng teu dihaja nu matak nyigeung nu lian. Insya Alloh
                          dina danget ieu urang lubarkeun rupining rereged manah. Clik
                          putih clak herang, caang bulan opat welas.
            Awéwé       :  Bapa miwah Ibu hormateun sim kuring! Insya Alloh ieu acara
                          Halal bil Halal badé ngaruntuy dina sababaraha mata acara,
                          nyaéta:
                          1. Bubuka
                          2. Ngaoskeun Ayat Suci Al Qur’an
                          3. Laporan Pupuhu Panitia
                          4. Biantara Pangbagéa ti Ketua Komite
                          5. Pintonan seni ti artis-artis SMPN……….
            Lalaki      :   6.  Ceramah Tausiah Halal bil Halal anu badé didugikeun
                               kuPangersa Bapa Ustad…..
                          7.  Biantara Pangbagéa ti Bapa Kapala Sakola
                          8.  Pagelaran Drama
                          9.  Panutup/Du’a
                          10. Musafahah
            Awéwé       :  Bapa miwah Ibu! Sumangga ieu acara urang buka sasa-rengan
                          kalayan ngucap-keun basmallah…. bismillahir-rohmanirrohim.
                          Salajengna sumangga … dihaturanan kanggo ngaoskeun ayat
                          suci Al Qur’an!
                          ……………….……….
            Lalaki      :  Hatur  nuhun  ka  kersana  ….anu  parantos  ngaoskeun  ayat
                          suci Al Qur’an. Pamugi galindeng ayat suci Al Qur’an  sing
                          nambihan rohmat sareng kabarokahan kana ieu pasamoan.
                          Amin ya Alloh ya Robbal Alamin!
                          Salajengna  biantara  laporan  ti  Pupuhu  Panitia.  Sumangga
                          Bapa ….. dihaturanan!
                          ……………….……….
                                                                                       19
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   24   25   26   27   28   29   30   31   32   33   34