Page 32 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 32

e.    Kelompok  anu  henteu  sawala  kudu  meunteun  kapunjulan  jeung
               kakurangan kelompok anu ngaragakeun sawala di hareupeun kelas.


          Téks Omongan Panumbu Catur (Modérator)

          Conto 1

               Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat.
               Sim  kuring  saparakanca  ti  kelompok....badé  medar  pasualan  “Kumaha
          ngungkulan siswa anu resep kabur ti sakola.”
               Méh unggal dinten, urang sok ningal aya siswa anu kalabur atawa barolos
          ti  sakola.  Sanaos  maranéhna  sok  sering  dipanggil  ka  BP,  tapi  angger  baé  sok
          kalabur. Tah, dina danget ieu, mangga urang sawalakeun, kinten-kinten kedah
          kumaha ngungkulanana.
          Numutkeun pamendak sim kuring saparakanca, cara ngungkulanana, nyaéta:
          1.   Hukuman  atawa  sangsi  ti  sakola  kedah  tegas.  Upamina  waé  siswa  anu
               kabur langkung ti tilu kali kedah dipasihan serat peringatan sarta sepuhna
               dipanggil  ka  sakola.  Upami  angger  kénéh  resep  kabur,  tiasa  diancam
               dikaluarkeun, ssjb.
          2.   Kedah  dipaluruh  sabab-musababna.  Naon  anu  nyababkeun  siswa  kabur;
               naha teu aya guru, naha siswa si A téh sieun ku guru, atawa di luareun
               sakola aya hal anu matak resep (upamina waé tempat game/PS, ssjb.) dugi
               ka  siswa  langkung  kataji  maén  game  tibatan  diajar  di  kelas.  Upami  tos
               kapendak sabab-musababna, rupina bakal gampil ngungkulanana.
               Rupina  éta  anu  tiasa  didugikeun  ku  sim  kuring.  Sumangga,  bilih
          réréncangan aya anu badé mairan atawa nyempad, sumangga dihaturanan.

          Conto 2


               Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat.
               Sim kuring saparakanca ti kelompok....badé medar pasualan “Naon sababna
          urang kudu ngariksa lingkungan alam.”
                 Ayeuna  urang  sering  pisan  nguping  ayana  musibat  caah  atawa  urug.
          Di sawatara wewengkon, seueur jalmi anu tingkocéak katarajang banjir atawa
          urug. Saur para ahli lingkungan, ayana caah sareng taneuh urug téh balukar
          tina lingkungan alam anu ruksak. Tangkal kai dituaran di mana-mana. Gunung
          sareng pasir darugul. Balukarna upami halodo hésé cai, upami aya hujan datang
          caah sareng urug.


            22                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       23

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   27   28   29   30   31   32   33   34   35   36   37