Page 25 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 25

Teu hilap, hatur nuhun pisan ka para warga, anu parantos kersa sumping
            hadir dina wengi ieu. Pamugi ieu acara téh sing tiasa ngaraketkeun sareng
            mageuhan tatali silaturahmi urang sadaya. Amin
                  Hadirin hormateun sim kuring!

                  Supados  ieu  acara  lumangsung  kalayan  lungsur-langsar  sarta  aya
            dina rido Alloh SWT, sumangga urang kawitan ku maoskeun basmallah
            sasarengan, bismillahirrohmanirrohim.

                  Salajengna, sim kuring salaku panata acara, peryogi ngadugikeun
            naon baé anu badé dipintonkeun dina ieu “Pinton Seni Agustusan” téh.
            Sumangga, ieu runtuyan acarana:

            1.    Bubuka.
            2.    Laporan Pupuhu Panitia.
            3.    Pintonan  Kawih  “Karatagan  Pahlawan”  ti  Rampak  Sekar  Ibu-ibu
                  PKK.
            4.    Biantara pangbagéa:
                   a. Biantara ti Bapa RW 01.
                   b  Biantara ti tokoh masarakat.
            5.    Papasrahan piagem sareng hadiah ka para pinunjul dina rupa-rupa
                  lomba anu parantos diayakeun di RW 01.
            6.    Hiburan (pintonan rupi-rupi kasenian):
                   a. Tari Kréasi murangkalih
                  b. Karinding Karang Taruna
                   c. Penca Silat
                   d. Jaipongan
                   e. Pagelaran drama perjuangan
            7.    Panutup & du’a
                  Éta  acara-acara  anu  insya  Alloh  badé  kasaksén  ku  urang  dina
            wengi ieu. Salajéngna sim kuring ngahaturanan pupuhu Panitia kanggo
            ngadugikeun  biantara  laporanana.  Sumangga  Kang  Jajang  Suharja
            dihaturanan!

                  …………..

                  Hatur séwu nuhun ka Pupuhu Panitia  anu parantos ngadugikeun
            biantara laporanana.



                                                                                       15
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   20   21   22   23   24   25   26   27   28   29   30