Page 27 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 27

Salajengna,  urang  sakséni  pagelaran  Karinding  ti  para  rumaja
            Karang Taruna RW 01. Alhamdulilla, ieu kasenian buhun téh ayeuna tiasa
            hirup deui sarta dipikaresep ku para rumaja di lingkungan masarakat.
            Sumangga, Yayan sapakaranca dihaturanan! Hadirin mugi keprok!
                  …………..

                  Wah…luar  biasa.  Sok  sanaos  waditrana  ukur  tina  awi  sajeungkal,
            nanging  janten  pidangan  kasenian  nu  matak  hélok  ningalina.  Hatur
            nuhun ka yayan saparakanca. Salajengna, di lingkungan RW urang ogé
            aya Padépokan Penca “Aji Raga” anu dipingpin ku Bapa Udung. Seueur
            para rumaja sareng murangkalih anu dialajar penca di ieu padépokan.
            Tah,  wengi  ieu  aranjeunna  badé  pinton  wewesén.  Cik  urang  tingali,
            kumaha  hut-hétna  murangkalih  téh!  Sumangga  Kiki  sareng  Gian  anu
            badé mintonkeun penca kembang, dihaturanan!

                  …………..

                  Tos matak reueus deui baé. Kiki sareng Gian sakitu kesitna metakeun
            jurus-jurus penca. Tah, ayeuna mah anu badé minton téh sanés hut-hét,
            nanging  ngagitek  sareng  ngadilak.  Sumangga  dihaturanan,  Néng  Yani
            Yuliani badé mintonkeun tari jaipongan! Mugi keprok!
                  …………..

                  Wah,wah…Néng  Yani  mani  éndah  kitu  gerakna.  Urang  du’akeun
            sing janten penari jaipong anu hébat tur sohor!

                  Hadirin,  minangka  pintonan  pamungkas,  badé  kasanggakeun
            drama perjuangan  “Lalaki  di Pasir Getih  ”.  Ieu  drama  dimaénkeun  ku
            para rumaja Karang Taruna, kalayan disutradaan ku Rangga Rahadian.
            Sumangga dihaturanan!
                  …………..

                  Luar biasa! Urang sadaya tingsariak ningal pagelaran tadi. Hiji lalaki
            nu  mandi  getih,    ngorbankeun  nyawana  keur  kamérdékaan  lemahcai.
            Horéng seueur calon aktor hébat di RW 01 téh. Mugi keprok sakali deui!
            Hatur nuhun ka Rangga Rahadian sang sutradara, sareng sadaya pamaén
            anu parantos mintonkeun drama nu sakitu saéna.

                  Hadirin, alhamdulillah, acara demi acara parantos lekasan. Minangka
            tawis  sukur,  sumangga  ieu  acara  urang  pungkas  ku  du’a  sasarengan,
                                                                                       17
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   22   23   24   25   26   27   28   29   30   31   32