Page 28 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 28

kalayan  dipingpin  ku  Bapa  Ustad  Mahmud.  Sumangga  Pa  Ustad
          dihaturanan!
               …………..

               Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh!

               Acara  Pinton  Seni  Agustusan  parantos  lekasan.  Ti  sim  kuring,
          rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa anu kirang payus
          kadanguna, kirang merenah larapna. Mugia kersa jembar ngahapunten.

               Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb.


                               Téks 2 (Acara Halal Bilhalal)



                  Dina conto téks nu ieu, panata acarana duaan, bisa ku awéwé jeung
          lalaki. Nyaritana bagilir sakali séwang.
          Bareng     :  Assalamu’alaikum wr. wb.
          Awéwé      :  Wilujeng sumping ka Bapa miwah Ibu, sareng para tatamu
                       uleman!    Hatur  sewu  nuhun  parantos  kersa  rurumpaheun
                       sumping  nedunan  pangangkir  panitia.  Hapunten  neda
                       tawakupna, bilih dina panampianana kirang nyugemakeun.
          Lalaki     :  Bapa Kapala Sakola kalih Ibu hormateun sim kuring, Bapa
                       Mubalig,  kersana  Bapa  Ustad……  hormateun  sim  kuring
                       Bapa miwah Ibu kulawadet SMP Negeri… , kalih para uleman
                       sadaya anu sami-sami dipihormat!
                       Langkung tipayun sumangga urang nyanggakeun puja kalih
                       puji  ka  Gusti  Nu  Maha  Suci.  Jalaran  rahmat  ti  manten-Na
                       pisan, dina danget ieu urang sadaya tiasa lawung patepang,
                       silaturahmi dina raraga Halal bil Halal. Pamugi ieu lawungan
                       teh  sing  kebek  ku  rahmat  sareng  barokah  ti  Alloh  SWT.
                       Ginulur karahayuan ginanjar ku kabingahan.
          Awéwé      :  Solawat  miwah  salam  pamugi  salamina  dikocorkeun  ka
                       Jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad SAW,
                       ka kulawargina, ka para sahabatna, kalih ka jalmi-jalmi soleh
                       sapandeurieunana. Pamugi urang sadaya kenging syafaatna
                       jaga di yaumil ahir. Amin.


            18                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       19

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   23   24   25   26   27   28   29   30   31   32   33