Page 33 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 33

Jalaran kitu, teu aya deui cara, upami lingkungan hoyong asri, ku urang
            kedah dijaga diriksa. Urang kedah sadar pentingna melak tatangkalan. Upami
            urang  gaduh  lahan,  naha  di  buruan,  di  sakola,  atawa  di  kebon,  hayu  urang
            pelakan ku tatangkalan. Melak tatangkalan téh bagian anu pangpentingna dina
            ngariksa lingkungan.
                  Rupina mung sakitu nu tiasa dididugikeun ku sim kuring. Mangga bilih
            aya réréncangan anu badé mairan!


            Conto 3

                  Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya hormateun sim kuring.
                  Hapunten sateuacanna, sim kuring saparakanca ti kelompok....dina danget
            ieu  badé  nyobian  medar  pasualan  anu  insya  Alloh  bakal  ramé  disawalakeun,
            nyaéta “Naon hadé jeung goréngna boga kabogoh di sakola.”
                  Sateucananna sim kuring badé tumaros, cing saha di kelas urang anu tos
            gaduh kabogoh?
                  Numutkeun  sim  kuring  sapakaranca,  gaduh  kabogoh  di  sakola  téh  aya
            positif-na sareng aya négatifna. Positifna, tiasa janten motivasi atawa pamecut
            sumanget diajar. Komo upami kabogohna sakelas mah, urang bakal éra ku kabogoh
            upami préstasi urang awon. Da biasana ari ku kabogoh mah sagala rupa ogé sok
            hoyong kapuji. Tah, ari hoyong kapuji dina préstasi mah nya saé pisan, urang
            diajarna bakal langkung serius.
                  Nanging  aya  rugina  atawa  négatifna.  Upami  gaduh  masalah  sareng
            kabogoh biasana urang sok bété. Upamina baé ningal kabogoh caket sareng batur,
            urang sok cemburu. Komo upami putus mah, wah matak boring wéh. Diajar teu
            konséntrasi, sagala rupa horéam, da inget baé ka kabogoh.
                  Numawi ceuk pamanggih sim kuring mah, upami urang gaduh kabogoh ulah
            kajongjonan teuing. Ulah serius teuing, lah! Bilih konséntrasi urang kaganggu.
            Ari sumanget diajar mah tiasa dipecut ka naon baé, sanés ku bobogohan.
                  Rupina mung sakitu nu tiasa dididugikeun ku sim kuring. Mangga bilih
            aya réréncangan anu badé mairan!


            Conto 4


                  Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat.
                  Sim kuring saparakanca ti kelompok....badé medar pasualan “Naha siswa
            SMP perlu boga hand phone (HP)?



                                                                                       23
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   28   29   30   31   32   33   34   35   36   37   38