Page 34 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 34

Ku kamajuan jaman, ayeuna mah méh unggal jalmi tos kagungan Hand
          Phone. Di sakola ogé tos seueur réréncangan urang anu nyarandak HP ka sakola.
          Tah, anu badé disawalakeun ku urang ayeuna, naha siswa SMP peryogi atawa
          henteu  nyandak  HP  ka  sakola?  Upami  peryogi,  naon  baé  mangpaatna  urang
          nyandak HP ka sakola? Naha henteu matak nimbulkeun timburu nu sanés?
               Sumangga  urang  sawalakeun.  Sim  kuring  moal  papanjangan  cumarios.
          Badé teras masihan waktos wé ka réréncangan anu badé mairan ngadugikeun
          pamanggihna masing-masing. Mangga saha anu badé sasauran?


          3.  Latihan Nyusun Téks

          Kagiatan 1:

          1.    Pék jieun conto téks panata acara ku hidep jeung batur sakelompok.
          2.    Pilih salah sahiji acara anu disadiakeun di handap.
               Acara:
               a.    Muludan
               b.    Rajaban
               c.    Kawinan (Papasrahan calon pangantén)
               d.   Pinton seni di sakola
               e.    Paméran & Bazar di sakola

                                                                                                                  2
          Kagiatan 2:
          1.    Jieun conto téks panumbu catur, pigawé jeung batur sakelompok.
          2.    Jejerna sawalana ditangtukeun ku masing-masing kelompok.                                       PANGAJARAN



          D.   Pancén

          1.    Hidep kudu hadir dina hiji acara atawa bisa ningali dina vcd. Pék
               titénan  jalma  anu  kakapancénan  jadi  Panata Acara.  Tengetan  sing
               imeut kumaha pok-pokan nyaritana, sikep atawa anggah-ungguhna,
               malah papakéanana ogé teu nanaon dititénan, pantes-henteuna.
          2.    Téangan  pasualan  aktual,  boh  tina  warta  televisi  boh  tulisan  tina
               koran atawa majalah anu bisa jadi bahan sawala. Pék sawalakeun di
               kelas, kalawan nangtukeun saha anu jadi pangjejer jeung panumbu
               catur ti saban kelompok.



            24                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                                                                                                25

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   29   30   31   32   33   34   35   36   37   38   39