Page 31 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 31

Awéwé       :  Hadirin!
                          Rupining  acara  parantos  digelar.  Tangtos  waé  acara  Halal
                          Bihalal  ieu  kirang  anteb,  saupami  henteu  diwuwuhan  ku
                          musafahah. Namung sateuacanna ka kersana ... Dihaturanan
                          kanggo ngajejeran ngadu’a sasarengan.
                          Ka Bapa ……. Dihaturanan!
            Lalaki      :  Hatur nuhun ka kersana …… anu parantos ngajejeran du’a.
                          Pamugi Alloh ngabulkeun sagala paneda sareng pamaksadan
                          urang sadayana. Amin!
                          Bapa  miwah  Ibu,  rupina  sakitu  acara-acara  anu  tiasa
                          kapidangkeun dina danget ieu.
            Awéwé       :  Hatur  nuhun  kana  sagala  rupi  perhatosanana.  Ne-da
                          tawakupna,  boh  bilih  aya  kecap  katut  réngkak  sim  kuring
                          saparakanca  (ti  réngréngran  Panitia)  anu  kirang  merenah
                          kana manah hadirin sadaya. Neda agung cukup lumur jembar
                          pangampura, hapunten anu kasuhun!
            Lalaki      :  Saninten buah saninten
                          Saninten di parapatan
                          Hapunten abdi hapunten
                          bilih aya kalepatan
                          Mangga  urang  tutup  ieu  acara  ku  macakeun  hamdallah
                          sasarengan! Alhamdulillahirobbil ‘alamin.
            Bareng      :  Wabillahi taufik walhidayah
                          Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh!

            2.   Panumbu Catur (Modérator)

            Kagiatan:

            a.    Baca  sarta  apalkeun  jeung  batur  sakelompok  ieu  téks  omongan
                  panumbu catur
            b.    Tangtukeun ti masing-masing kelompok, saha anu rék ngaragakeun
                  jadi panumbu catur

                     dina kagiatan sawala (diskusi) di hareupeun kelas.
            c.    Tangtukeun saha anu rék jadi pamilon dina sawala.

            d.   Pilih  salahsahiji  jejer  sawala,  sakumaha  anu  aya  dina  conto-conto
                  téks omongan panumbu catur di handap!
                                                                                       21
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   26   27   28   29   30   31   32   33   34   35   36