Page 22 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 22

4.    Mungkas acara:
                                Bapa miwah Ibu, kalih hadirin sadaya anu sami rawuh!
                                Acara Paturay Tineung parantos lekasan.
                                Ti sim kuring, rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya
                                basa anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan,
                                luhur saur bahé carék, mugia kersa ngahapunten.
                                Billahitaufik wal hidayah wassalamu’alaikum wr. wb.


                                Sagédéngeun  éta  panata  acara  kudu  tandes  lebah
                           ngatur waktu, sangkan acara henteu ngambay, tapi saluyu
                           jeung waktu anu geus dibadamikeun ti anggalna. Malah
                           anu  rék  biantara  atawa  anu  rék  mintonkeun  pagelaran,
                           kudu dipaheutkeun heula waktuna ti anggalna. Maksudna
                           ngarah katémbong durasi (lilana) saban-saban anu midang
                           sarta luyu jeung waktu anu geus dirarancang ti anggalna.
                           Upama teu kitu, aya kalana anu biantara atawa magelaran
                           sok kajongjonan tepi ka nyontang waktu anu lian.

                                  Dina  conto  wacana  anu  kadua,  nyaéta  omongan
                           panumbu  catur,  ku  urang  katingal  ayana  sasaruaan
                           jeung  omongan  panata  acara.  Panumbu  catur  ogé  ngan
                           saukur  ngatur  lumangsungna  ‘acara’,  nyaéta  sawala.
                           Kalungguhanana  nganteurkeun  anu  rék  cacarita  nyaéta
                           pangjejer  anu  nepikeun  pedaran,  jeung  jalma-jalma
                           anu  rék  mairan  kana  pasualan  anu  disawalakeun.
                           Émbohna ti éta, dina pungkasan sawala, panumbu catur
                           sok  nyindekkeun  naon-naon  anu  dipadungdengkeun.
                           Jadi  upama  dicindekkeun,  pancén  panumbu  catur  téh
                           ngawengku:

                           1.    Muka sawala sarta ngahaturanan pangjejer:
                                Assalamu’alaikum wr. wb.
                                Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat,
                                dina danget ieu sim kuring sapakaranca ti kelompok hiji
                                badé  medar  pasualan  “Ngagunakeun  basa  Sunda  dina
                                kahirupan  sapopoé”.  Ieu  pasualan  badé  didugikeun  ku
                                Sadérék Jajang, sumangga dihaturanan!

            12                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       13

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   17   18   19   20   21   22   23   24   25   26   27