Page 23 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 23

2.    Ngahaturanan  pamilon  pikeun  mairan  atawa
                  nepikeun kamandang:
                  Hatur nuhun ka Sadérék Jajang anu parantos ngadugikeun
                  pasualan.  Bapa/Ibu  Guru  kalih  réréncangan  sadaya,
                  rupina éta jejer pasualan anu diasongkeun ku sim kuring
                  saparakanca kanggo bahan sawalakeuneun urang danget
                  ieu. Jalaran kitu, sim kuring badé langsung waé masihan
                  waktos  ka  réréncangan  sadayana  supados  mairan,  nga-
                  dugikeun  pamendak  masing-masing.  Sumangga,  saha
                  anu badé mairan?


            3.    Ngahudang  sumanget  pamilon  sangkan  mairan
                  sarta nepikeun aturan sawala:
                   Hatur  nuhun  ka  réréncangan  anu  parantos  ngedalkeun
                  pamendakna. Sawala urang janten langkung ramé. Naha
                  undak-usuk kedah dileungitkeun atawa henteu, mangga
                  tiasa dipairan deui ku nu sanés. Nanging anu badé mairan
                  atawa ngadugikeun pamendak, mugi henteu papanjangan.
                  Singget baé nujul kana poko pasualan. Mangga saha deui
                  anu badé mairan?


            4.    Mungkas sarta nyindekkeun sawala:
                  Hatur  nuhun  kana  pamair  ti  réréncangan  sadaya.  Tina
                  sawala  urang  nembé  rupina  tiasa  dicindekeun,  yén  anu
                  penting  téh  nyaéta  kasadaran  urang  ngagunakeun  basa
                  Sunda dina kahirupan sadidinten. Perkawis undak-usuk,
                  naha leres atawa lepat ngalarapkeunana, rupina teu kedah
                  janten hahalang. Nu penting urang nyarita ku basa Sunda.
                  Tangtos  baé  kedah  bari  teras  diajar,  supados  langkung
                  paham, mana basa anu merenah atawa saé sareng mana
                  anu henteu.
                  Bapa/Ibu Guru kalih réréncangan sadaya anu dipihormat,
                  rupina  sakitu  anu  tiasa  kapidangkeun  dina  ieu  sawala.
                  Hatur séwu nuhun kana perhatosan ti sadayana. Hapunten
                  bilih aya kakirangan sareng kalepatan.
                  Wassalamu’alaikum wr. wb.

                                                                                       13
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   18   19   20   21   22   23   24   25   26   27   28