Page 24 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 24

C.   Metakeun


          1.   Panata Acara


          Kagiatan:

          a.    Baca sarta apalkeun jeung batur sakelompok ieu téks panata acara.

          b.    Pilih salah sahiji téks panata acara anu disadiakeun di handap.
          c.    Tangtukeun saha anu rék ngaragakeun jadi panata acara di hareupeun
               kelas ti masing-masing kelompok.

          d.   Tangtukeun  saha  anu  rék  dianggap  modél  (jalma-jalma  anu
               dihaturanan biantara atawa midangkeun pintonan) dina éta acara.
               Dina émprona, éta modél téh henteu kudu  biantara enyaan atawa
               midangkeun  pintonan.  Cukup  ku  maju  ka  hareup  sarta  dianggap
               geus biantara atawa mintonkeun hiji pagelaran. Leuwih hadé upama
               éta model anu dihaturan téh ti kelompok anu séjén, ngarah leuwih
               resep diajarna.

          e.    Kelompok  anu  henteu  minton  kudu  meunteun  kapunjulan  jeung
               kahéngkéran kelompok anu minton.



          Téks Omongan Panata Acara


                         Téks 1 (Acara Pinton Seni Agustusan)


               Assalamu’alaikum wr. wb.

               Bapa  miwah  Ibu,  hadirin  sadaya  warga  masarakat  RW  01,  anu
          dipihormat!

               Alhamdulillah dina wengi ieu urang sadaya tiasa kempel ngariung
          di  ieu  tempat  kanggo  nyakséni  acara  “Pinton  Seni  Agustusan”.    Ieu
          acara téh diayakeun ku Karang Taruna RW 01, kanggo miéling HUT RI
          ka-68,  minangka  tawis  sukur  kana  ni’mat  kamerdékaan  anu  parantos
          dipaparinkeun ku Alloh SWT ka urang sadaya.
               Hatur  séwu  nuhun  ka  Bapa  RW,  Bapa  RT,  sareng  para  sesepuh
          masarakat, anu parantos ngarojong dugi ka ieu acara tiasa lumangsung.

            14                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       15

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   19   20   21   22   23   24   25   26   27   28   29